Kamari ucing nu koneng wani ngulampreng asup ka buruan tukang, ngarengkog sakeudeung siga nu asa-asa - meureun sieun aya nu ngudag lantaran sasarina sok kitu,
“Di buruan hareup
Manuk recet sing kalayang di luhureun buruan tukang. Katempo dina kongkolak panon ti satukangeun kaca,
Langit lenglang, caangna panonpoe nembongan, tapi karasana asa aleum. Hate asa kosong molongpong. Unggal ngalengkah nu katempo ngan ukur rengkak polahna
“Be strong, think about children”, cek salaki. Enya salaki jeung barudak oge sarua leungiteun ku
Geus tilu peuting ngagoler teu bisa peureum, ngan ret deui ret deui ka lebah kenca, sasarina manehna ngarengkol dina handapeun radiator - nu napel na tembok gigireun pangsarean paranti ngahaneutan kamar - ret kana lawang panto kacipta manehna ngalengkah asup nyampeurkeun.
Kaluar ti kamar, turun ti loteng hate nyeblak nempo dina handapeun tangga geus kosong, sasarina aya kardus-kardus kadaharan
Memeh asup ka dapur, kuring mukakeun heula panto hareup. Kiwari Vienna geus taya dikieuna, hate asa teu percaya tapi ieu buktina. Kamari manehna dikurebkeun di buruan hareup. Samemeh dikubur, kardus bodas pasagi panjang ti rumah sakit teh di buka heula, awakna seungit obat-obatan, ngarengkol tibra ditilaman ku anduk bangun nu ngareunah, panon jeung sungutna nutup, buluna nu tilu rupa geus layu teu aya cahayaan, awakna jeger.
Basa malem Jumaah kamari, kuring asup ka kamar,
“Mark,
Teu kaburu ka gudang neangan kandang ucing paranti ari manehna dibawa indit-inditan, rurusuhan
“Meong”, cenah kalawan leuleuy pikarunyaeun.
Ari lain aya kanyeri atawa ambek mah
“Cicing atuh Geulis, sakeudeung deui ge nepi”, centeh,
Sanggeus mencel bel, katempo rohangan hareup dicaangan, suster mukakeun panto nitah tuluy dibawa ka ruang pariksa. Dokter awewe nyampeurkeun,
Sanggeus nempoan kana panon jeung sungut
Aya hikmahna
Di Islam mah teu meunang maehan sasatoan kajaba mun rek didahar atawa urang ngabela diri lantaran itu rek nyilakakeun.
Dokter nanyakeun
Sapopoena Vienna katalingakeun, tara kamana-mana, leuwih loba cicing di jero imah lalajo TV
Biasana lamun keur di buruan hareup, heg kuring geus hayang asup deui ka jero, memeh nutupkeun panto teh
“Cicing di dinya, ulah waka turun, ke rek nyokot kamera”, centeh. Bungah taya dikieuna, da geus lila
Dokter nu keur mariksa
“Teu aya nu potong, sigana mah kanker tapi bisa bae bareuh atawa asma”, cenah. Dokter nawarkeun pikeun dicobaan dibere heula obat anti bareuh
Sanggeus disanggupan pibiayaeunna, dokter nyarita, “Upami enjing teu aya kamajengan, heg palay diparios nu langkung paos, engke tiasa ditingali ka lebet ku kamera. Sawengi ieu baris ditalingakeun, keun enjing ditelepon”, cek dokter. “Kumaha upami tengah wengi sakarat, palay diwartosan ngarah tepang heula?”, pokna deui, memeh kuring sarerea balik ninggalkeun
“Muhun, jam sabaraha-sabaraha oge nelpon weh”
Sapeuting jeput kuring nyileuk, hate bungah teu kadenge telepon ngirining. Isukna jam salapan dokter nelepon, nyaritakeun ka salaki yen
“Janten palay kumaha?”, cek dokter, sanggeus mere dua pilihan nu bisa dipigawena, nyaeta:
Pasosore dokter nelepon deui, nedunan pamenta sangkan kuring sakulawarga bisa tepung heula jeung
Barang gok
“Sing kuat, Geulis, nya?”, cekeng.
Dina lawang panto basa kuring sarerea rek balik, dina tangkeupan dokter Vienna diusapan deui sirahna, barudak ngusap-ngusap awakna, Mark nyawel-nyawel gadona –karesepna Vienna - tuluy ngaleos tiheula.
“By Vien”, centeh
“
“Henteu atuh, satungtung aya keneh nu bisa ditarekahan mah”, pokna.
“
“Kapan saur dokter ge gede resikona, bieu teh boa-boa panungtungan urang patepung jeung
Sarerea diuk ngagukguk dina mobil, ari Mark mah ngan ukur rambisak, teu gancang ngahirupan mobil.
“Padahal mah urang nungguan didieu weh?”, centeh.
“Dokter bakal neleponna ka bumi”, cek Mark.
Barang asup ka imah, kakara ngaregot cikopi, telepon ngirining. Dokter menta dihampura teu bisa nulungan
Deudeuh Vienna, umur mah teu beunang dibeli ku duit geuning, najan sarerea adug lajer beak dengkak hayang Vienna tuluy hirup bari cageur deui oge, ari geus nepi kana waktuna mah teu bisa kukumaha iwal ti pasrah.
Hampura, Geulis. Ari ngoetan korsi sok disentak, da dipangmeulikeun paranti kokoet oge angger weh geuning kana juru korsi bae ngasah kuku teh. Hampura, baheula
Pek ayeuna mah sing tibra, Geulis. Nuhun salila anjeun hirup geus mere kabungahan, jadi batur nyarita sabot sarerea euweuh di imah. Engke mun Daddy geus ngantor deui, barudak ka sarakola, moal aya deui nu lalajo TV pabeubeurang. Sabot Mamih diuk nanggeuy laptop, moal aya nu ngagalacang kana luhur pangsarandean korsi tukangeun, ngagadil-gadil sungut kana rambut Mamih siga nu nyiaran. Urang mah karesep teh meh sarua, teu resep ulin jeung batur tapi leuwih betah di imah. Ayeuna hawa geus haneut, sakeudeung deui Musim Panas, nanggeuy laptop atawa maca buku teh meureun moal di buruan tukang, tapi di hareup
Saminggu nu kaliwat memeh anjeun ngantunken (31 Maret), urang diuk ngarendeng duaan. Unggal direret
I wish I could live forever
but I am only a traveller
…like the sun in the late afternoon
That will disappear behind the mountain soon
Time will come when I am gone
Don't mourn because I am not around
Embrace beautiful life with delight
Find the path and follow the light
Our journey in life is a roller-coaster
Some trials will make you feel bitter
Don't drown yourself in sorrow
for there will be happiness to follow
sunda nya kental banget ada yg gk ku mengeti hehehe...btw met kenal..ya ukthi.
ReplyDeleteNamina ucingna teteh alus pisan, Viena. Pasti geulisnya si Viena. Sigana mah Viena keur beger (o: hehehhee
ReplyDeleteBtw, ieu foto teh Lies sareng Viena ?
Salam kenal atuh ibu ti abdi,sareng salam baktos kangge ucing na he.he.he..
ReplyDelete